silih gonjak susurakan
lulumpatan di buruan
nyo'o taneuh jadi ulinan
poho waktu poho sagala
maklum barudak
kadang ditungtungan ku ceurik
sanggeus heureuy jeung baturna
tapi teu lila ngahiji deui saleuseurian
lamun surti bisa di jieun conto
laku budak kadang sok mere beja
nyawang mangsa nu katukang
jadi gambaran di buruan
waktu nu cueut kahareup
sadar kana carita di buruan baheula
teuing kumaha jadina bagja atawa cilaka
nu bakal tumiba jaga, mangsa datangna pati
Abdie,30072011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar