nangtung,
nitenan gunung
ngabayang endahna
alam priangan
sisieun lembur nu nyingkur
kasaksi ku pucuk awi sing garupay
luhur pasir nu jadi panineungan
carita pernah di guar
manuk recet mawa leleb
anteb nyawang mangsa harita
mere harti kana tulisan
lumampah nyorang tatapakan
suratan gunung manglayang
sampeureun pikaheureupeun
dina pucuk tangkal caringin
neundeun harti lumaku diri
abdie,27062011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar